Reverbnation

OLEGUNNNN

Selasa, 10 Desember 2013

11.12.13 #ReboNyunda

Syukur Alhamdulillah moal poho ka Gusti nu maha suci, nepika poe ieu anu tepatna pas angka alus masih bisa ngarenghap jeung beunta. Masih bisa ngopi jeung sarapan.

Kadang hirup sok ada kajongjonan teuing, sok asa betah kumalana dialam dunya. Teu nyadar hirup teh moal lana, moal lila. Beuki dieu beuki ngurangan umur, beuki ngadeukeutan kana nu ngarana maot.

Ayeuna geus ahir taun, teu karasa geus nyanghareupan tau anyar. Can boga nanaon, can boga bekel pikeun ngajalanan hirup. Dunya diteang, bekel jang di akherat masih keneh kurang eusina. Mugia di ahir taun ayeuna bisa leuwih berkah, nutup taun ku cara anu merenah. Teu ninggalkeun tapak kagorengan, amin..

Hirup tong poho kana purwadaksi, tong poho asal muasal. Timana urang, jeung bakalan kumaha urang. Tong poho ka babaturan, tong ngajauhan duduluran, tong miceun kahadean saha wae anu deukeut jeung urang, teu hilap nganuhunkun kanu geus nulungan.

Sanajan hirup saayana, sanajan hirup pas-pasan ai loba babaturan mah tong hariwang tong salempang. Da ai hirup mah kudu runtut raut sauyunan, kudu silih asah jeung silih asuh. Silih bejaan, silih gunggeureuhkeun sasama dulur mah. Hampura bisi urang boga dosa, anu teu kahaja. Bisi aya basa jeung ringkah paripolah anu kurang merenah.

Sakieu ayana, sakieu buktina jeung sakieu mampuna. Kahayang mah gede pisan, hayang bisa babagi jeung nu lain. Babagi rasa, babagi kanyaah..
Hayang ngasaan hirup beunghar, hayang ngasaan teu loba ngeluh, teu loba luh lah, teu loba ngusap dada.
Ai ngandelkeun kahayang mah memang matak miris, sagala oge kahayang tanpa usaha moal matak kacumponan.

Hirup urang salerea geus aya nu ngatur, tinggal kumaha cara ngajalananna. Hade goreng tetep urang-urang anu nentukeun. Jaga basa, jaga rasa, bisi aya nu kurang resep. Bisi matak jadi omong, daripada jadi omong mendingan jadi kloset meh didiukan ku kabogoh. Hahaha :(

Sakeudeung deui akun anu ngarana @olegunnnn tereh milangkala, sugan aya umur, sugan masih dipercanten ku gusti Allah eta oge. Kahayang mah babagi supenir jeung sajabana jang aranjeun, tapi nyaeta balik deui kana dunya. Masih kukumpul ide, hatur nuhun.

Jigana rusiah keneh, rek mere kejutan kanu beruntung. Tanggal 11 Januari taun hareup mugia cing lungsur langsar, cing aya barokahna. Antosan weh prakna ((( sugan weh kang Willa maca tulisan ieu, haha #kode )))

Nepi iraha oge urang "anonymous" teu hayang dipikanyaho kunu teu nyaho, cekap sebagey sosok anu hirup dina akun @olegunnnn
Deudeuh ka #MediaHeureuyBandung #ABS #SixPointCloth #menejer #Bobotoh #Polowers #HaturNuhun #Respect

KESALAHAN-KESALAHAN TANPA DISADARI DI DUNIA MAYA:)))

Sagala apdet, yess biar kekinian. Padahal tanpa disadari mungkin aja ada orang yg memanfaatkan keadaan, contohnya :

1. Ngepath >> DIRUMAH  SENDIRIAN (at Jl. Vodka 3739 Bandung) << apdet kaya gini bisa mengundang orang yg berniat jahat, baik yg kita kenal ataupun engga sama sekali. Pliiss, sayangilah diri sendiri & keluarga.

2. Upload foto pribadi di FB & Twitter >> mungkin saja ada orang iseng / fans yg sengaja save foto yg kamu upload. Nah bahayanya, gimana kalo foto kamu dishare di twitter (akun porno & semacamnya) selain malu ya mungkin bisa bikin marah. Salah siapa upload foto di FB / Twitter, kenapa ga di Instagram / Path yg jelas aplikasi utk menshare koleksi-koleksi foto kalian. Think smart :)))

3. Curhat >> sah-sah aja curhat, sama siapa pun. Sama sahabat bahkan sama orang yg baru dikenal. Ada yg salah dgn curhat? ga salah, cuma kalo sembarangan curhat mungkin ada orang yg memanfaatkan SIKONTOLPANJANG ( situasi, kondisi, toleransi, pandangan & jangkauan). Misalnya gini, curhat tentang pacar "aku lagi bete, pacar aku mulai cuek, mulai ga peka lagi". Kalo orang yg sengaja memanfaatkan mungkin langsung bilang gini "udah putusin aja, ngapain jg kamu mikirin dia?." Terjadilah CIHAT cinta karena curhat :((((

4. Keseringan ngeluh & kebanyakan mengobral privasi di medsoc, apakah dunia harus tau?

5. Nyekil sana sini, modus sana sini, skil si ini skil si itu. Ga nyadar ternyata targetnya udah punya pasangan, selain piomongeun jg menyebabkan era yg mendalam bila ditolak cinta di socmed. Beungeut sakuan :(

6. Perhatikan & pergunakan tanda baca utk mengomentari twit orang lain, salah menempatkan tanda seru bisa jadi pasea.

7. Untuk membaca & memahami isi twit orang lain mungkin hal yg sepele, iya da maca twit mah teu kudu kuliah ka luar negeri. Cukup mengerti apa yg twitkeun ku batur, jadi kalo ga ngerasa ya ga usah komen. Biasanya yg rumasa mah da suka komen, iya kan? *meureun